MIRANDA...
Kajadianna téh basa kuring kelas 2 SMP asa na mah!
Harita ka soréna keun ngulampreng ka tukangeun imah, da ceuk beja geus 3 poé aya tatangga anyaran pindah.
Kabeneran éta imah nu anyar dipindahan téh tempat kuring ulin, mun keur euweuh batur nu nyampeur sok pirajinan cicing dina tanggal jambuna, ucang-anggé ngawaas keun kenténg imah batur....
Barang nempo ka panto imah anu keur molongo, kasampak aya Indung-indung, paling umurna géséh, kacék 10 taunan jeung indung sorangan, Bodas, Beresih, geulisna rada siga nyonya Mevrow (sebutan si Bapa ka indung-idung walanda)....di dedempés kadenge sora manehna keur ngobrol..."Miranda, Mamih harap kamu kerasan disini, Mamih mau kamu ga main-main terlalu jauh, kita belum tau lingkungan baru ini seperti apa"
Kuring ngabayangkeun manéhna keur peupeujeuh ka anak parawanna, teu kungsi lila ngadedempés téh da kaburu aya sora Amih ngagorowok....Daaaa, geura mandiiii! euuuh aingah....noyod.
Isukna kuring ngulampreng deui ka tukang imah éta...Rada sidik da ayeuna mah pantona ngagemblong, sakali deui kuring ngadedempés hayang sidik....si Nyonya keur ngasongkeun piring kana meja, teuing nanahaon eusina bari pok "Miranda, Mamih masak kesukaan kamu ya...habisin jangan sampai kamu lapar nanti sakit!" ngomong kitu manéhna bari leumpang deuk nutupkeun panto...sakali deui teu kungsi parat, kaburu aya balad néké tukangeun, sok siah bejakeun susulumputan pokna! bari ngajak ucing Jibeh ka kalér
Can leungit rasa kapanasaran, isuk mah rék di sampeurkeun ta tatangga anyar téh sakalian hayang nyaho kumaha rupana si Miranda téh, rada saeutik atoh da rarasaan bakal boga babaturan anyar.
Isukna sanggeus mérénan baju, tas, sapatu sakola, teu léléda méakkeun hanca nu geus disadiakeun na méja, tuluh dikumbahan! pikir téh ngarah teu di calukan deui kuring bébéja ka si indung deuk ka imah tukang!
sanggeus diidinan, gidig kuring ka tukang imah éta deui....
Panto imah ngagemblong....siga biasa kuring ngadedempés deui! tapi ayeuna mah leuwih écés..."Miranda, kamu tunggu rumah jangan kemana-mana, makanan udah Mamih siapin, ingat yaah jangan nakal!" sanggeus ngomong kitu rét manéhna nempo kuring keur ngadedempés...."Éh ada anak cantik...lagi apa? sini masuk nak!" pok na tuluy manéh na ngagentraan kanu di jero..."Mirandaa....siniii ada tetangga baru kita nih!" Naaaaaaaaaaa ari pék téh aya nu ngagajleng tuluy diais ku si nyonya bari pok deui...."Kenalkan ini kucing kesayangan tanteu, namanya Miranda!"
Teu sudi teuing némbalan na gé bati ngan ngadégdég tipaparétot............satakerna kuring Lumpat!!!!!!

Posting Komentar